supaya ummat Islam salawasna ngajaga hubungan anu alus,

Tapi sabenerna mah waris atawa warisan nu dimaksud ku Jibril teh nyaeta supaya ummat Islam salawasna ngajaga hubungan anu alus, anu akur jeung tatangga sok sanajan eta tatangga teh kaom kafir! Adab jeung tatangga teh kaasup nebar salam lamun pareng panggih atawa paamprok jonghok ieu khusus tatangga anu papada muslim, nalek, nanya kaayaan kasehatanana, someah, darehdeh, amis budi, ngirim hadiah atawa dahareun, sakumaha pangandika Nabi shalallahu ‘alaihi wasallam, "Wahey Abu Dzar, saumpama anjeun masak sayur, mangka lobaan ku anjeun caina (kuahna) jeung bagikeun ka tatangga anjeun!" (HR Muslim).
Tapi, kade ulah salah larap, lobaan caina teh hartina lain bukurna sacanggeum caina sa-dreum, nu wajar we...maksudna mah kudu loba nyieun sayurna ulah ukur keur sakulawargaeun, jeung deui teu satiap nyieun sayur kudu dibagikeun, ieu mah mun boga rezeqi leuwih we, bagikeun ka tatangga, bere tatangga ulah ukur ngambeu seungitna wungkul. Luar biasa Islam!

Komentar

Postingan populer dari blog ini

mati karena sesuai dengan kebiasaannya

ILMU TERBAGI MENJADI DUA (ILMU DHARURI DAN ILMU NAZHARI)

BERBAKTI KEPADA ORANG TUA