FENOMENA AKHIR ZAMAN


pangéling ngéling keur urang sadayana
*****
● _Geus *loba imah* beuki aralus jeung garedé tapi kulawargana beuki ngaleutikan
● *Gelar beuki luhur* tapi akal sehat beuki handap
● *Ilmu Kasehatan beuki canggih,*tapi kasehatan beuki goreng
● *Indit2an ngurilingan dunya* , tapi jeung tatatangga sorangan teu wawuh .
● *Panghasilan beuki ningkat* tapi katenteraman jiwa beuki ngurangan.
● *Kualitas Ilmu beuki luhur* tapi kualitas emosi beuki handap .
● *Jumlah Manusa ngalobaan* tapi rasa kamanusiaan beuki ipis.
● *Kanyaho beuki alus* tapi kaarifan ngurangan .
● *Salingkuh beuki rame* tapi kasatiaan beuki punah._
● *Beuki loba babaturan di dunya maya*, tapi teu boga sobat nu sajati._
● *Inuman beuki loba jenisna*, cai bersih ngurangan jumlahna._
● *Make jam tangan mahal,* tapi tara tepat waktu._
● *Ilmu beuki nyebar kamana mana* tapi naha akhlak beuki leungit
● *Diajar disakola beuki babari* tapi naha guru beuki teu dihargaan/diajénan
● *Teknologi Informasi beuki canggih* tapi fitnah jeung aib beuki nyebar .
● *Jalma nu ilmuna handap beuki loba omong* tapi nu ilmuna luhur loba nu caricing ..nyarumput.
● *Tontonan beuki loba* tapi tuntunan ngurangan .

*Mudah-mudahan janten pépéling kango urang sadayana

Komentar

Postingan populer dari blog ini

mati karena sesuai dengan kebiasaannya

ILMU TERBAGI MENJADI DUA (ILMU DHARURI DAN ILMU NAZHARI)

BERBAKTI KEPADA ORANG TUA