"Derajat Hadis Amalan Dina Nisfu Sya'ban"


Oleh : Fajri Malik Ibrahim
Anu dimaksad kujudul "Derajat Hadis Amalan Dina Malaman Nisfu Sya'ban". Seja nerangkeun kedudukan hadis anu ngajelaskeun perkawis amalan-amalan dina nisfu sya'ban. Leresan derajat eta hadis shahih atanapi dhaif?
Anapon hadisna, nyaeta :
1. Hadis anu kahiji :
أَخْبَرَنَا أَبُو الْفَتْحِ نَصْرُ اللَّهِ بْنُ مُحَمَّدٍ ، حَدَّثَنَا نَصْرُ بْنُ إِبْرَاهِيمَ ، أَنْبَأَنَا أَبُو سَعِيدٍ بُنْدَارُ بْنُ عُمَرَ الرُّويَانِيُّ ، أَنْبَأَنَا أَبُو مُحَمَّدٍ عَبْدُ اللَّهِ بْنُ جَعْفَرٍ الْخَبَّازِيُّ ، أَنْبَأَ عَلَيَّ الْحَسَنُ بْنُ عَلِيِّ بْنِ مُحَمَّدِ بْنِ بَشَّارٍ الزَّاهِدُ ،أَنْبَأَنَا عَلِيُّ بْنُ مُحَمَّدٍ الْقَزْوِينِيُّ ، حَدَّثَنَا إِبْرَاهِيمُ بْنُ مُحَمَّدِ بْنِ بُرَّةَ الصَّنْعَانِيُّ ، حَدَّثَنَا عَبْدُ الْقُدُّوسِ ، حَدَّثَنَا إِبْرَاهِيمُ بْنُ أَبِي يَحْيَى ، عَنْ أَبِي قَعْنَبٍ ، عَنْ أَبِي أُمَامَةَ الْبَاهِلِيِّ ، قَالَ : قَالَ رَسُولُ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ : خَمْسُ لَيَالٍ لاَ تُرَدُّ فِيْهِنَّ الدَّعْوَة : أَوَّلُ لَيْلَةٍ مِنْ رَجَبٍ وَلَيْلَةُ النِّصْفِ مِنْ شَعْبَانَ وَلَيْلَةُ الجُمُعَةِ , وَلَيْلَةُ الفِطْرِ وَلَيْلَةِ النَّحْرِ
Hartosna : Parantos ngabewarakeun ka abdi sadaya Abu Fatah Nashrullah bin Muhammad, parantos nerangkeun ka abdi sadaya Nashrullah bin Ibrohim, parantos ngabarkeun ka abdi sadaya Abu Sa'id Bundar bin Umar Ar-Ruyaniy, parantos ngabarkeun ka abdi sadaya Abu Muhammad Abdullah bin Ja'far Al-Khobaziy, parantos ngabarkeun ka abdi sadaya Aliy Al-Hasan bin Aliy bin Muhammad bin Basyar Az-Zahid, parantos ngabarkeun ka abdi sadaya Aliy bin Muhammad Al-Qozwiniy, parantos nerangkeun ka abdi sadaya Ibrohim bin Muhammad bin Burrah As-Shon'aniy, parantos nerangkeun ka abdi sadaya Abdul Quddus, parantos nerangkeun ka abdi sadaya Ibrohim bin Abi Yahya, ti Abi Qo'nab, ti sahabat Abi Umamah Al-Bahiliy, anjeuna sasauran : parantos ngadawuh Rosulullah shalallahu 'alaihi wasallam : aya lima wengi anu moal ditolak du'a jalmi anu ngadu'a dina eta wengi, awal wengi tina sasih Rajab, malaman Nishfu Sya’ban, malam Jum’aah, malam ‘Idil Fithri kalih malam ‘Idil Adha.
[Hadis riwayat imam ibnu asakir, mangga tingali dina Tarikh Madinah Dimasyqi, Juz 119, kaca ka 6]
* Derajat Hadis :
hadis kasebat nyaeta dhoif dalah tiasa disebat hadis maudu' jalaran dina sanad eta hadis aya 2 rowi anu kabuktosan tukang ngabohong
1. Abu Sa’id Bundar bin Umar
2. Ibrahim bin Abi Yahya
2. Hadis anu kadua :
أَخْبَرَنَا أَبُو الْحُسَيْنِ عَلِيُّ بْنُ مُحَمَّدِ بْنِ عَبْدِ اللَّهِ بْنِ بِشْرَانَ، قَالَ : أَخْبَرَنَا أَبُو جَعْفَرٍ مُحَمَّدُ بْنُ عَمْرٍو الرَّزَّازُ ، قَالَ : حَدَّثَنَا مُحَمَّدُ بْنُ أَحْمَدَ الرِّيَاحِيُّ ، حَدَّثَنَا جَامِعُ بْنُ الصُّبَيْحِ الرَّمْلِيُّ ، حَدَّثَنَا مَرْحُومُ بْنُ عَبْدِ الْعَزِيزِ ، عَنْ دَاوُدَ بْنِ عَبْدِ الرَّحْمَنِ ، عَنْ هِشَامِ بْنِ حَسَّانَ ، عَنِ الْحَسَنِ ، عَنْ عُثْمَانَ بْنِ أَبِي الْعَاصِ ، عَنِ النَّبِيِّ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ ، قَالَ : " إِذَا كَانَ لَيْلَةُ النِّصْفِ مِنْ شَعْبَانَ نَادَى مُنَادٍ : هَلْ مِنْ مُسْتَغْفِرٍ فَأَغْفِرَ لَهُ ؟ هَلْ مِنْ سَائِلٍ فَأُعْطِيَهُ ؟ فَلا يَسْأَلُ أَحَدٌ شَيْئًا إِلا أُعْطِي ، إِلاَّ زَانِيَةٌ بِفَرْجِهَا ، أَوْ مُشْرِكٌ
Hartosna : parantos ngabewarakeun ka abdi sadaya Abul Husen Aliy bin Muhammad bin Abdillah bin Bisyran, anjeuna sasauran : parantos ngabewarakeun ka abdi sadaya Abu Ja'far Muhammad bin Amr Ar-Roziy, anjeuna sasauran : parantos nerangkeun ka abdi sadaya Muhammad bin Ahmad Ar-Riyahiy, parantos nerangkeun ka abdi sadaya Jami' bin As-Shubeh Ar-Romliy, parantos nerangkeun ka abdi sadaya Marhum bin Abdil Aziz, ti Dawud bin Abdirrahman, ti Hisyam bin Hassan, ti Al-Hasan, ti Utsman bin Abi Ash, ti Nabi Shalallahu 'Alaihi wasallam parantos ngadawuh : Dimana parantos sumping malam nisfu sya'ban maka baris aya sora anu Allah nyeru : sing saha anu nyuhunkeun pangampura maka baris dihampura ku kaula, sing saha anu nyuhunkeun maka baris disubadanan pamentana ku kaula, maka teu pati-pati hiji jalmi nyuhunkeun hiji perkara anging baris dipinuhan pamentana, anging jalmi istri anu zina atanapi anu musyrik ka Allah.
[Hadis riwayat imam baehaqqi, dina kitab Syu’abul Iman, juz ka 5, kaca ka 362, hadisna nomor ka 3555]
* Derajat Hadis :
hadis kasebat derajatna dhaif, jalaran dina sanadna aya rowi anu kakasihna Al-Hasan, anapon nami aslina nyaeta Al-Hasan Al-Basyri anjeuna nyaeta rowi anu mudallis, sedengkeun kaidah 'ulumul hadis nerangkeun upanten rowi anu mudallis ngariwayatkeun hadis kalawan shigatul 'ada an'anah [nganggo kalimah 'an] maka periwayatan nana teu tiasa ditampi.
3. Hadis anu katilu :
حَدَّثَنَا الْحَسَنُ بْنُ عَلِيٍّ الْخَلَّالُ حَدَّثَنَا عَبْدُ الرَّزَّاقِ أَنْبَأَنَا ابْنُ أَبِي سَبْرَةَ عَنْ إِبْرَاهِيمَ بْنِ مُحَمَّدٍ عَنْ مُعَاوِيَةَ بْنِ عَبْدِ اللَّهِ بْنِ جَعْفَرٍ عَنْ أَبِيهِ عَنْ عَلِيِّ بْنِ أَبِي طَالِبٍ قَالَ قَالَ رَسُولُ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ إِذَا كَانَتْ لَيْلَةُ النِّصْفِ مِنْ شَعْبَانَ ، فَقُومُوا لَيْلَهَا وَصُومُوا نَهَارَهَا
Hartosna : parantos nerangkeun ka abdi sadaya Al-Hasan bin 'Aliy A-Kholal, parantos nerangkeun ka abdi sadaya Abdur Rozaq, parantos ngabarkeun ka abdi sadaya Ibnu Abi Syabroh, ti Ibrohim bin Muhammad, ti Mu'awiyah bin Abdillah bin Ja'far, ti Ramana, ti Ali bin Abi Tholib, anjeuna sasauran : parantos ngadawuh Rosulullah shalallahu 'alaihi wasallam : dimana sumping malam nisfu sya'ban, maka nangtung aranjeun [pikeun ngalaksanakeun shalat] dina wengina, sarta prak shaum dina pasisiangna.
[Hadis riwayat imam ibnu majah, dina kitab sunan ibnu majah, juz ka 1, kaca ka 444, hadisna nomor ka 1388]
* Derajat Hadis :
hadis kasebat derajatna dhaif, jalaran dina sanadna aya rowi anu kakasihna Ibnu Abi Syabroh, anapon nami aslina nyaeta Abu Bakar bin Abdullah bin Muhammad bin Abu Syabrah bin Abu Ruhm, imam ahmad kalih ibnu adi sasauran kieu : "Ibnu Abi Syabroh anjeuna nyaeta tukang malsu-malsukeun hadis" [Mangga tingali biografina dina kitab tahdzibul kamal, jilid ka 33, kaca ka 102-107]
4. Hadis anu kaopat :
عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ عَنِ النَّبِيَّ صلي الله عليه وسلم قَالَ : مَنْ صَلَّى لَيْلَةَ النِّصْفِ مِنْ شَعْبَانَ، ثِنْتَي عَشْرَةَ رَكْعَةً يَقْرَأُ فِي كُلِّ رَكْعَةٍ قُلْ هُوَ اللهُ أَحَدٌ ثَلاَثِينَ مَرَّةً لَمْ يَخْرُجْ حَتَّى يَرَى مَقْعَدَهُ مِنَ الجَنَّةِ وَيَشْفَعُ فِي عَشْرَةٍ مِنْ أَهْلِ بَيْتِهِ كُلِّهِمْ وَجَبَتْ لَهُ النَّارُ
Hartosna : katampi ti sahabat abi huroiroh, ti Nabi shalallahu 'alaihi wasallam parantos ngadawuh : sing saha anu shalat dina malam nisfu sya'ban saseu'eur duabelas rakaat, teras anjeuna maca qulhuwallahu ahad dina tiap-tiap rakaatna saseu'eur 30 kali, maka anjeuna moal waka kaluar sahingga anjeuna ningali pitempateun nana di surga, sarta maparinan syafaat sapuluh jalmi ti kulawargina, anu sadayana parantos pasti lebet kana naraka.
[Mangga tingali dina kitab Al-Maudhu’at, juz ka 2, kaca ka 129]
* Derajat Hadis :
hadis diluhur teh derajatna dhoif, jalaran dina sanadna aya rowi anu kakasihna Laits bin Abu Sulaim, anapon nami aslina nyaeta Laits bin Abu Sulaim bin Zunaim Al-Laitsi. anjeuna nyaeta rawi anu jumeneng dizaman pamarentahan Yazid sarta anjeuna nyaeta kalebet generasi tabi'in, anjeuna pupus taun ka 143 H, anjeuna nyaeta ahli ibadah tatapina anjeuna rowi anu mukhtalit/pikun dina akhir yuswana sahingga anjeuna hilap kana naon anu kantos diucapkeun ku anjeuna, anjeuna oge kagolongkeun jalmi anu sok ngamaqlubkeun sanad, Yahya bin Ma’in kalih An Nasai sasauran “Laits bin Abu Sulaim nyaeta rowi anu dhaif.” [Mangga baca riwayat hirupna dina kitab Mizanul I’tidal, juz ka 3, kaca ka 420]
sarta imam ahmad sasauran : simkuring ngadangu punbapa sasangem : saestuna laits bin abu sulem teh hadisna mudthorib [Mangga baca dina kitab tahdzibul kamal juz ka 24, kaca ka 284]
* Kasimpulan nana :
1. Hadis-hadis anu nerangkeun amalan dina nisfu sya'ban eta derajatna dhaif.
2. ngalaksanakeun amalan-amalan nisfu sya'ban eta hukumna bid'ah, sakumaha diterangkeun ku imam nawawi "shalat dina tengah-tengah sasih rajab kalih nisfu sya'ban eta mangrupikeun bid'ah anu paling dipikabendu [Mangga tingali dina kitab sunan wal mubtada'at, kaca ka 145]

Komentar

Postingan populer dari blog ini

mati karena sesuai dengan kebiasaannya

ILMU TERBAGI MENJADI DUA (ILMU DHARURI DAN ILMU NAZHARI)

BERBAKTI KEPADA ORANG TUA