sumberna Islam

Naon sumberna Islam teh? Sumberna Islam teh teu aya deui nyaeta Al-Qur'an miwah As-Sunnah, anu dirojong ku hadits-hadits anu shahih. Tapi, loba anu nyaho kana Al-Qur'an, tapi teu paham kana eusina! Naon atuh Al-Qur'an teh?
Nalika Rasulullah shalallahu ‘alaihi wasallam jangkep yuswana 40 taun, dina mangsa anjeuna "khalwat" di guha Hira, mangka sumping ka anjeuna malaikat Jibril anu nyandak wahyu atanapi pidawuh Allah Subhannahu Wa Ta'ala kanggo diaos ku anjeuna nyaeta, "iqraa bismirobbika lladzii khalaq", Baca! Kalayan (nyebat) asma Rabb anjeun nu nyiptakeun! Surat Al-Alaq ayat ka-1.
Jeung wahyu anu panungtung anu katampi ku Rasulullah shalallahu ‘alaihi wasallam nyaeta, "alyauma akmaltu lakum diinakum...", dina poe ieu Kaula geus nyampurnakeun pikeun anjeun agama anjeun...", surat Al-Maidah ayat ka-3. Sajumlah wahyu anu katampi ku Rasulullah shalallahu ‘alaihi wasallam dinamian Al-Qur'an anu wajib diaos, anu wajib diserat, aya oge wahyu anu sanes Qur'an nyaeta hadits Qudsi, nanging teu wajib diserat eta mah. Al-Qur'an teh asal ma'nana numutkeun bahasa mah nyaeta "bacaan" atanapi hiji hal anu dibaca, anu diaos!

Timbul patarosan, kumaha carana atanapi "prosesna" lungsurna Al-Qur'an sareng kumaha nyusun'na? Al-Qur'an sakumaha anu aya ayeuna, teu diwahyukeun ka Rasulullah shalallahu ‘alaihi wasallam sakaligus, nanging sapalih-sapalih, diangsur, dicicil, salami dua puluh tilu taun lamina, sumpingna oge henteu sapertos susunan anu sapertos dina kitab ayeuna. Susunan anu aya dina mushaf ayeuna, luyu sareng parentah Rasulullah shalallahu ‘alaihi wasallam, nyatea unggal waktos Jibril sumping nyandak wahyu atanapi pidawuh Allah, Rasulullah Shallallahu 'Alaihi Wa Sallam marentah "juru tulisna" nyimpen atanapi nempatkeun ayat "anu" saatos atanapi sateuacan ayat "anu", kalayan nyimpen atanapi nempatkeun surat "anu" saatos atanapi sateuacan surat "anu". Cara nyusun wahyu ieu teh dumasar kana parentah Rasulullah Shallallahu 'Alaihi Wa Sallam, anu mana sanes didadasaran ku kahoyong atanapi "selera" anjeunana salaku pribadi, nanging dumasar kana parentah wahyu oge, nyatana parentah Allah Subhannahu Wa Ta'ala ngalangkungan malaikat Jibril.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

mati karena sesuai dengan kebiasaannya

ILMU TERBAGI MENJADI DUA (ILMU DHARURI DAN ILMU NAZHARI)

BERBAKTI KEPADA ORANG TUA