meresihkeun panyakit hate

Saur Imam Ibnu Qoyyim meresihkeun panyakit hate teh ku tilu perkara :
1. Hifzhul Quwwah
Miara jeung ngajaga kakuatan jeung kaayaan hate. Ku cara ngalobakeun ibadah jeung amal sholeh diantarana ku cara berinteraksi sareng Al Qur'an sarta diajar elmu agama nu mangpaat pangpangna elmu tauhid.
2. Al Himayatu 'anil Mu'zi
Ngajaga hate tina rupa-rupa panyakit sejen. Ku jalan ngajauhkeun diri tina lampah dosa, ma'siat jeung pagawean nu mengkok tina syare'at ajaran Islam. Sabab lampah jeung pagawean dosa teh bakal nga parna keun panyakit hate.
3. Istifragul Mawaddil Fasidah
Ngaleungitkeun/ngumbah sesa-sesa kakotoran dina hate nu ngaruksak akibat tina dosa jeung pagawean nu kungsi di pilampah. Dilakonan ku cara ngalibakeun istigfar jeung taubatan nashuha pleus teu weleh ngajaga ka ikhlasan jeung teu weleh jihad di jalan Alloh.
Walloohu A'lam...

Komentar

Postingan populer dari blog ini

mati karena sesuai dengan kebiasaannya

ILMU TERBAGI MENJADI DUA (ILMU DHARURI DAN ILMU NAZHARI)

BERBAKTI KEPADA ORANG TUA